Senin, 23 Januari 2017

Carita .....

Carita .....

Aya aki-aki keur nangtung di SPBU ditanya kunu keur ngantri rek ngeusi bengsin.
"Ki ,,terang hartina SPBU?"
"Nyaholah," jawab aki-aki bari kuraweud haseum.Maklum keur loba kakeuheul.
"ari S-na singkatan tina naon?"
"Solar.."
"Ari P-na..?"
"Premium"
"Ari B-na naon..?"
"Bengsin"
"Ari U?"
"Uyup ku sia.Tatanya wae, kawas nu euweuh gawe," tembal aki-aki bari ngaleosss...😜😜😜.
»»  Read More...

JODIAK SUNDA PERIODE SASIH JANUWARI 2017*

                        JODIAK SUNDA PERIODE SASIH JANUWARI 2017*

1) PIRGO
Pagawean nu cocok : Dagang jengkol
Kaduitan : Hambur pisan
Asmara : Teangan nu rada cageur...

2) AKUWARIUS
Pagawean nu cocok : Dagang taraje jeung bilik
Kaduitan : Eureunan unjam injem wae
Asmara : Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha...

3) PIS-SES
Pagawean nu cocok : Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM bodor..
Kaduitan : Lédéh, loba urusan pacorokokod..
Asmara : Ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun..

4) ARIYES
Pagawean nu cocok : Ngamandian domba
Kaduitan : Loba ngahutang, gaji kapotongan wae
Asmara : Benerkeun heula beungeut..

5) TAWURUS
Pagawean nu cocok : Ngored jukut keur parab embe, jeung dagang lahang
Kaduitan : Katipu babaturan deukeut, kudu diruwat
Asmara : Teu payu-payu, ganti peletna..

6) GEMINI
Pagawean nu cocok : Ngurek belut, ngala tutut
Kaduitan : Bangkar, jujualan baju mitoha
Asmara : ucrat-acret teuing...kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug..

7) KANSER
Pagawean nu cocok : Macul, ngored
Kaduitan : sakarat, tereh bangkrut
Asmara : Euweuh nu daekeun, modal ipis..

8) LEYO
Pagawean nu cocok : Noelan tukang jajamu
Kaduitan : Ripuh pisan, teu saperak2 acan
Asmara : Ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan Cibelekok..

9) LIBRA
Pagawean nu cocok : Ngorehan runtah atawa tukang beling
Kaduitan : Teu becus, euweuh gadag neang duit
Asmara : Malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beuleum + peuteuy..

10) SEKORPIO
Pagawean nu cocok : Moe huntu di buruan, sakapeung menerkeun kenteng batur
Kaduitan : Sarua jiga kamari boke'
Asmara : Boga kabogoh panyakitan..

11) SAGITARIYUS
Pagawean nu cocok : Mersihan balong, mun keur halodo jadi kuli pikul di pasar
Kaduitan : Pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur
Asmara : Ditampilingan wae ku pamajikan, loba tatanya ka dukun jung...

12) KAPRIKOREN
Pagawean nu cocok : Dagang kurupuk
Kaduitan : Pikawatireun, waspada debt kolektor
Asmara : Pamajikan kabur..
»»  Read More...