Jumat, 09 Juni 2017

TEU PIRA


Dina hiji isuk2, salaki nyarita ka pamajikanna: "Nyi punten pangnyieunkeun cikopi nya...".
Pamajikan : "mangga kang..". Bari ngaleos ka dapur, teu lila balik deui mawa cikopi.
Salaki : " Nyi.. wios akang boga kabogoh ? Teu pira ngoraan ti nyai saeutik hehehe..".
Pamajikan : " Mangga kang teu sawios ..".
Salaki : "Asyiiik... mun eta kabogoh dikawin ku akang kumaha tah ? Teu pira ngan sapeuting weh nyi ..".
Pamajikan : "Mangga wae akang sayang..."
Salaki : "baguuuuss.. eta namina istri anu bageur solehah, hehe..". Bari nyuruput cikopi, nikmat Kopi Bali tea.
Salaki : "Nyi.. naha kopi teh asa pait kieu ??"
Pamajikan : "TEU PIRA KANG DICAMPURAN RACUN BEURIT SA SENDOK.."